Thursday 24 October 2013

PITRAH = JADI DIRI.

BARAYA ROHIMAKUMULLAH!

Aya kaistiméwaan anu ku urang kudu dipiara sapanjang jaman. Taya sanés balikna diri urang kana pitrahna. Teu aya deui anu pantes pikeun disukuran ku urang, manggihan deui jati diri urang minangka hamba Alloh anu sabenerna. Lantaran urang aya dina pitrah, mangka urang bébas tina sagala dosa. Merenahkeun diri jeung kahirupan mémang diparéntahkeun ku Alloh SWT. Sakumaha anu kaunggel dina surat ar-Ruum ayat 30;

“Prak perenahkeun ku anjeun jiwa raga anjeun dina agama, kalawan condong kana bener. Éta téh minangka pitrah Alloh, anu Alloh parantos nyiptakeun manusa aya dina éta pitrah. Saeutik ogé moal aya parobahan kana ciptaan Alloh. Tah éta agama anu lempeng. Tapi kalolobaan manusa teu nyaraho”.

Kadeudeuh jeung kaasih Alloh bisa dikanyahokeun ku urang tina paréntah Alloh ka urang, sangkan urang merenahkeun diri dina agama, nyaéta Islam. Éta téh minangka jaminan ti Alloh, yén kahirupan manusa bakal tinemu jeung kasalametan tur karaharjaan, asal Islam tetep jadi cecekelan jeung papagon dina kahirupan. Sawangsulna, mun sakadar dijadikeun papaés carita jeung rarangkén biwir, tegesna ngan diaku jeung diomongkeun, teu aya karep pikeun ngalarapkeun jeung ngajadikeun papagon dina kahirupan, mangka kahirupan urang baris pinuh ku pirang-pirang rereged jeung kasangsaraan batin, bakal karasa jeung katara dina kahirupan.

Saperti jaman kiwari, bangsa urang tacan bisa menyat jeung jauh tina kasangsaraan, kakacowan jeung ruksakna sagala widang, pasti alatan agama geus teu aya buktina dina kahirupan anu nyata. Bangsa jeung nagara teu diatur ku aturan ti Nu Maha Kawasa.

BARAYA Rohimakumulloh!
Dina mungkas ayat tadi, Alloh nguningakeun, yén kalolobaan manusa teu ngarti kana ajaran agama Islam. Tegesna, di kalangan ummat Islam ogé masih loba anu bodo kana ajaranana. Leuheung teu ngalaksanakeun ajaran Islam téh alatan kabodoanana kana ajaran, tapi aya di antarana anu teu sapagodos, malah nampik kana ajaran Islam, lantaran kanyahona anu kaliru ngeunaan Islam.

Kiwari aya golongan anu katelah Jaringan Islam Liberal (JIL) anu hayang ngoréksi kana ajaran Islam, cendekiawan anu ngahalang-halang nanjeurna ajaran Islam tur ngahalangan anu bajoang pikeun nanjeurkeun ajaran Islam. Meujeuhna, di Indonesia mah kuduna mungpang-meungpeung, presidénna Muslim, loba pajabatna ulama jeung cendekiawan Muslim, pantesna mah ngamangpaatkeun jabatanana pikeun ngabuktikeun benerna ajaran Islam, minangka ajaran ti Nu Maha Kawasa. Puguh baé sangkan dilarapkeun jadi aturan hirup dina kahirupan “berbangsa” jeung “bernegara”.

Lamun ajaran Islam geus teu dipaké pikeun ngaréngsékeun rupaning pasualan jeung karuksakan bangsa, nasib bangsa urang palangsiang bakal sarua jeung nasib bangsa-bangsa jaman baheula. Dina jaman para Nabi-nabi Alloh, saperti kaom Tsamud, kaom ‘Ad, Ashabul ‘Aikah jeung sabangsana. Malah sabangsaning Fir’aun, Haman jeung Qorun. Teu kurang majuna bangsa Tsamud dina widang téknologi pangwangunan, tatanén jeung sajabana. Teu kurang majuna kaom ‘Ad din widang industri. Malah teu kurang gagah jeung kuatna Fir’aun, Hamman jeung Qorun. kumaha ahir kahirupan maranéhna? Teu aya saurang ogé anu jamuga. Kabéh diludeskeun ku Alloh alatan teu maké ajaran Alloh.

Sakurang-kurangna mun teu diludeskeun ku Alloh saperti kaom-kaom baheula, mangka pasualan hirup anu disebut krisis téa, tangtu bakal dilanggengkeun ku Alloh. Bonganna ngabalieur tina al-Quran. Jiga anu disaurkeun ku Alloh SWT dina surat Thoha, ayat 124.

“Sing saha jalma anu ngabalieur tina pépéling Kaula, mangka pikeun maranéhna bakal ngalaman kahirupan anu heureut”.

BARAYA Rohimakumulloh!

Allah ngadawuh:
“Jeung sing inget nalika Robb anjeun ngaluarkeun katurunan Adam tina sulbi aranjeunna, tuluy Alloh ngayakeun persaksian jeung maranéhna. Alloh naros; “Naha Kaula téh lain Robb aranjeun? Maranéhanana ngajawab: “Leres pisan Anjeun téh Rob abdi sadaya, jeung kami sanggup jadi saksi. Tah kitu Kami ngayakeun perjangjian kitu téh sangkan aranjeun engké dina poé kiamah teu ngaromong, “Kami mah jalma-jalma anu lali kana ieu kanyataan”.

Alloh ngabéjakeun ka urang sadaya, yén urang téh kungsi nyaksian Alloh minangka Robb anu teu dua teu tilu, éstu ngan hiji-hijina. Lain saukur nyaksian, tapi urang ogé ngikrarkeun kana éta persaksian. Tapi teu aya saurang ogé anu inget kana perjangjian jeung kasaksian tadi. Alloh ngingetan deui ka urang, yén urang téh kungsi ngikrarkeun tauhid di alam rahim, ngaliwatan para nabi katut para Rosul-Na. Saban Rosul jeung nabi, sakabéhna ngajak ka manusa, sangkan ibadah ka Alloh, nyarék ibadah ka salian ti Alloh. Éta téh mangrupakeun pépéling susulan sangkan urang ngabuktikeun kana sagala anu kungsi ku urang diikrarkeun. Nyaeta tauhidulloh.

Jalaran kitu, ‘Idul hayu urang sadaya balik kana tauhidulloh. Minangka lambang jeung bukti ayana paréntah kudu balik kana tauhid. Naha tauhid nu kungsi diikrarkeun di alam rahim téh bakal lana dipibanda ku manusa? Gumantung kana lingkungan manusa hirup. Mun urang hirup di lingkungan anu bisa ngamumulé tauhid, mangka tauhid urang bakal lana kapiara salila hirup di alam dunya. Tapi lamun hirupna di lingkung ku nu pamohalan tauhidna bakal kapiara, malah anu puguh mah bakal ngaruksak, mangka tauhidna ogé bakal leungit tina dirina.

Jalaran kitu, Rosululloh SAW maparin tungtunan ngaliwatan hadisna, anu diriwayatkeun ku imam Bukhori katut Imam Muslim, katampi ti sahabat Abu Huraéroh, Rosul ngadawuh, unggelna;

“Sakabéh anu dilahirkeun, mangka dilahirkeunana aya dina pitrah, gumantung indung bapana, naha rék di Yahudikeun, di Nashronikeun jeung di Majusikeun”.

Katahudian urang ka Alloh, naha bakal kapiara ku ruang dina mangsa nu bakal datang? Gumantung kana lingkungan hirup anu ku urang dilakonan. Mun lingkungan urang, masih kénéh pinuh ku pirang-pirang kamusrikan, kama’siatan jeung kalakuan anu jauh tina papagon agama, mangka pitrah urang anu geus dipibanda dina poé ieu tinangtu bakal leungit deui.

Jalaran kitu, sangkan pitrah urang tetep kapulasara, tur urang ogé aya dina lingkungan anu bébas tina dosa, tangtu urang kudu nyiptakeun lingkungan anu hadé, anu bisa miara tauhid jeung salila hirup teu leupas tina pitrah. Anu boga tanggung jawab pikeun nyiptakeun lingkungan beresih tina sagala rupa kamusrikan jeung kakapiran, taya lian urang sorangan. Ku ayana kitu kitu, dimimitian dina poé ayeuna, hayu urang singkil saréréa ngaberesihkeun lingkungan urang tina kokotor aqidah jeung ibadah, jauhan kamusrikan jeung pabid’ahan.

Baraya Rohimakumulloh!
Dina hadits tadi, Rosululoh SAW nyebat tilu rupa agama anu geus méngpar tina katauhidan. Nyaéta Yahudi, Nasroni jeung Majusi. Yahudi langkung ti payun ku Rosul disebatna. Ieu nuduhkeun yén Yahudi téh bibitna kamusrikan. Yahudi geus kumawani ngarobah ajaran agama para nabi Alloh tina ajaran tauhid jadi ajaran syirik. Nya kitu deu Rosululloh SAW nempatkeun Yahudi dina nomor hiji minangka musuh Alloh, Rosul jeung ummatna. Yahudi kiwari geus lain bangsa, tapi geus jadi ajaran anu boga pangaruh kuat. Dina widang aqidah, Yahudi ngayakeun tarékah sangkan ummat Muhammad méngpar tina tauhid. Yahudi anu nyiptakeun ajaran yén barang paéh, atawa manusa anu geus maot bisa méré mangpaat jeung madlorot. Yahudi ogé miara jeung ngagedékeun padukunan, élmu sihir jeung pirang-pirang khuropat séjénna. Dina widang ibadah, Yahudi nyiptakeun cara ibadah ka Alloh anu rupa-rupa. Sakurang-kurangna Yahudi anu melak karaguan ummat kana bener jeung kuduna nuturkeun Rosul dina urusan ibadah.

Balukarna tina pirang-pirang upacara jeung cara bid’ah leuwih mahabu di kalangan umat Islam. Dina widang kabudayaan, Yahudi mintonkeun pirang-pirang modél pakéan jeung dahareun, sangkan dituturkeun jeung ditarurutan ku umat Islam. Utamana kaom ibu. Balukarna loba pisan cara hirup umat Islam anu jauh tina tungtunan sunnah Rosul.

Dina cara dahar, nginum, papakéan, cara jeung upacara kawinan, resepsi, gaya di rumah tangga, di masyarakat, malah kaasup basa anu dipaké teu leupas tina pangaruh Yahudi. Jalaran kitu, ti mimiti ayeuna hayu urang ngamimitian merangan pangaruh Yahudi anu baris ngaruksak kana pitrah urang.

Demi Yahudi kiwari geus lain mangrupa bangsa, tapi geus jadi ajaran. Mangka teu pamohalan di nagara urang ogé geus loba umat Islam, boh kiaina, ustadna, santrina jeung cendekiawanna anu geus kapangaruhan ku Yahudi. Jalma anu teu boga kawani pikeun ngutuk Yahudi, tapi cukup ku nyieun jarak nétral ka Yahudi bisa disakompét daunkeun jeung bisa dituding anték-anték Yahudi. Sabab pikeun ummat Islam anu tulén, dina sikepna ka Yahudi, tangtu bakal nuturkeun sikep Rosululloh SAW. Teu aya kaom anu ditibanan la’nat jeung bebendon ku Alloh iwal ti Yahudi. Jalaran kitu, geus sapantesna pikeun urang ngala’nat kana sagala kalakuan Yahudi anu telenges.

Baraya Rohimakumulloh!
Sangkan pitrah urang kapiara, teu aya deui carana kajaba urang kudu wani ngajauhan sagala rupa ajaran Yahudi. Di antarana babad sagala rupa jeung wanda kamusrikan, pabid’ahan jeung pirang-pirang kamungkaran séjénna. Mugia Alloh, maparin kakuatan ka urang pikeun miara pitrah urang sadaya.***
Amin.

Sydney, 25 Oktober 2013.
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.


No comments:

Post a Comment