Thursday 26 September 2013

AKAL MANUSA





Lamun urang salawasna ngagunakeun akal keur mikir, beuki jéntré poékna diri sorangan, tapi beuki kasawang caangna dat nu jadi lawanna. Sabab urang bakal beuki wanoh kana poék lumun urang teu wanoh kana kaayaan anu caang.

Lamun aya hiji dat nu disebut “caang” lain kusabab urang wanoh jeung ngarti, tapi urang bisa nyebut kitu sanajan geus ngarasakeun kaayaan anu poék di diri sorangan anu tuluyna urang teu bisa deui nyebut ngaran dat kasebut ku kekecapan sacara kamampuhan manusa.

Lamun aya hiji jalma, boh di luar atawa di jero agama nu henteu ngajénan ahli filsapat, ieu jadi cicirén yén jalma kasebut ahlli dholim jeung jalma bodo anu teu nyaho kana élmu agama jeung élmu dunya di mana duanana sok nyoko tina filsafat; atawa lamun manéhanana boga élmu, pasti jiwana kotor, hartina teu nyaho males budi atawa teu nyaho nganuhunkeun (syukuran). 

Ulah boga sangka yén ahli filsafat téh digawé demi kauntungan dirina pribadi, jeung ulah nyangka yén maranéhanana milih pagawéan kitu kusabab mampuh nanggung perkara lian. Anapon pagawéan kitu téh henteu ngan wungkul aya mangpaatna keur maranéhanana nu ngolah nagara tapi ogé mangpaat keur sing saha anu nungtut élmu dunya, jeung gedé mangpaatna keur para ulama. Satemenna méméh maranéhanana jadi ahli filsafat, maranéhanana geus mikawanoh kana rupa-rupa pangaweruh kadunyaan, anu antukna sawanganana leuwih jembar, antukna sakuduna para ahli filsafat ditempatkeun di nu makom anu luhur ti jalma biasa.

Pagawéan filsafat salawasna néangan kaayaan anu béda antara nu hadé jeung nu goréng, adil jeung dhalim. Kumaha ngukur anu haq jeung nu bathil, ieu téh hiji upaya anu kacida beuratna, lain kusabab mikiran bakal ayana ganjaran jeung pahala sorga, tapi kusabab yakin kumaha mulyana pagawéan ieu. 

Élmu ieu anu prahna disebut “diajar wanoh ka diri sorangan”. Lamun manusa geus cukup asak dina enggoning élmu ngukur diri, tinangtu rarasaan jiwana jadi lemes tur tohaga. Ulah disangka hiji banda anu badag wujudna bakal gedé kakuatanana; keur maranéhanana nu geus wanoh kana élmu tasauf jeung kimia, sanajan saeutik, maranéhanana bakal yakin yén beuki leutik hiji dat bakal beuki gedé daya-tanagana; sabab dat nu kasar teu sanggup nolak lamun dibentur ku dat nu lemes.

Jadi teu kudu kagét lamun dat atawa wujud anu ngandung jiwa bisa norobos kana témbok waja anu tohaga. Tah kitu urang bisa nyawang kumaha tohagana kakuatan sinar cahaya (laser) nu bisa norobos kaca. Tapi tinangtu kudu dipinuhan heula syarat-syaratna, nyaéta kudu meresihan diri, teu kaasupan ku kokotor, sabab kalemesan anu kotor bakal éléh ku kalemesan anu beresih.

Dawuhan Allah: Satemenna kacida untungna jalma nu meresihan dirina. ( QS-Al A’laa, 87:14)

Meresihan diri di dieu maksudna lain kudu miceun sagala rupa kasenangan duniawi nu bsia dicokot tanpa ngalanggar hak, lain dititah nutup panon lamun aya wanoja geulis ngajak ngobrol, antukna manéhna nyangka yén dirina henteu geulis; jeung lain dititah kudu ngagolér di imah lamun aya konser musik dangdut di buruan tatanggana. Tapi kudu ngajaga ahlak jeung pasieup sarta paripolah anu “ngalanggar hak”. Boh hak di jero atawa di luar dirina sorangan.

Dawuhan Allah: Béjakeun, hayu dipangmacakeun naon nu diharamkeun keur anjeun ku Gustina, nyaéta: anjeun ulah nyakutukeun naon baé jeung (Allah) …….jeung anjeun ulah ngadeukeutan pagawéan anu kejem, boh nu kasawang di antarana atawa anu nyumput, jeung kadé anjeun ulah maéhan jiwa nu diharamkeun ku Allah, kajaba ku cara anu bener. ( QS- Al An’am, 6:151)

Saupamana manéhna maéhan manéh, manéhna geus ngalanggar hak, teu aya bédana ti neukteuk leungeunna sorangan, sabab geus neukteuk hakna leungeun keur molah. Tapi henteu ngalanggar aturan, lamun mémangna éta suku ngandung panyakit anu ngabahyakeun ka sakujur awakna. Jeung teu ngalanggar aturan lamun urang neukteuk leungeun sorangan kusabab éta leungeun sok maéhan batur. 

Dawuhan Allah: Satemenna Allah teu dhalim ka manusa saeutik ogé, tapi éta manusa nu nyieun kadholiman ka dirina sorangan (QS-Yunus, 10: 44)

Jadi dina diajar agama ulah sok taklid ka hiji guru, saumpamana manéhna nyaram urang keur ngajauhan kasenangan dunya, tinangtu nepi ka kolot, nepi ka boga anak-incu-buyut urang moal bisa ngadalikeun diri ku taksiran anu asak, salila pilampahan urang aya dina kakaliruan. Euweuh bédana jeung urang nalika diajar nyetir mobil sakerejep ogé urang bisa nyetiran, tapi lamun urang teu bisa naksir awahan jauh jeung deukeut tinangtu dina sakerejep ogé urang bakal tabrakan.
Muga aya mangpaatna.

Sydney, 27 September 2013.

Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

SAWANGAN KANA DUA ALAM ANU BÉDA


Urang geus maklum yén anu dimaksud ku dua alam téh nyaéta dunya jeung akhérat. Kieu aya tumalina jeung paripolah urang dina ibadah (ihtiar), nyaéta kudu bisa ngahontal hasil keur dua kahirupan, nyaéta kahirupan dunya jeung kahirupan akhérat. Dina enggoning ngahontal hasil dina dua alam ieu, loba siloka-siloka anu digambarkeun ku Allah swt dina Al Qur’an jeung tangtuna geus loba panapsiranana ti para mufasir atawa bujangga-bujangga kahot Sunda ngaliwatan “oral tradisi”, boh mangrupa pantun, sisindiran, babasan, peupeujeuh atawa papatah.
Béda deui jeung kaom kafirun anu nganggap yén dunya ieu subagé tujuan ahir jeung kualatan kitu ébréh tina paripolahna anu ngahalalkeun sagala cara, gembul (rakus) jeung mentingkeun diri sorangan, hirupna ngan wungkul keur kasenangan dunya. Ieu téh disababkeun maranéhanana teu percaya kana Poé Ahir (Kiamat), antukna maranéhana boga pamadegan hirup kieu: “Rebutlah segala kesenangan dan kenikmatan hidup yang dapat, sebelum mati”. Jadi dunya jeung cicirén kaulinan, katalangkéan, reureus ku kakayaan jeung parebut harta kakayaan téh dunya maranéhanana.
Sedengkeun numutkeun sawangan salma nu taqwa jeung nu iman mah yén hirup di dunya ieu subagé cukang-lantaran keur nepikeun urang ka akhérat. Salila hirup di dunya urang kudu ngumpulkeun bebekelan keur hiji pilampaheun anu bangga jeung jauh ngajugjug akhéray. Nu jadi ukuran untung-rugi lain naon nu dipiboga atawa naon nu leungit tina kanikmatan dunya, tapi naos nu jadi ukuran nyaéta karidhoan jeung bebendon (kamurkaan)  Allah swt.
Mangkadé ulah salah paham, lain hartina kaom Muslim teu meunang beunghar, teu meunang ngumpulkeun harta-banda jeung teu meunaang narasa nikmatna dunya-barana, malahan ha lieu the patukang-tonggong jeung atikan-atikan Islam. Dina Qur’an Allah s.w.t. malah nganjurkeun supaya urang ulah mopohokeun kanikmatan dunya, sagédéngeun ngudag kabagjaan akhérat, duanana kudu sajajar tur saimbang.
Dawuhan Allah: Jeung téang dina naon anu geus dianugerahkeun ku Allah ka anjeun (kabagjaan) nagri Akérat, jeung anjeun teu meunang mopohokeun bagéan anjeun (kanikmatan) duniawi.(Q.S. Al Qashash, 28:77)
Dina panapsiran ayat ieu, bujangga urang Sunda geus nyanggi hiji guguritan anu mindeng dilagukeun dina upacara sawér pangantén atawa ku lagu Kidung, unggelna kieu: 
Dalam penafsiran ayat tersebut, pujangga Sunda membuat sebuah pantun yang juga sering dilantunkan atau disampaikan pada upacara sawer pengantin dengan lagu kidungnya, bunyinya demikian:
Satungtung urang gumelar,
Ulah bosen nya ihtiar,
Elmu tungtut dunya siar ,
Malah mandar jadi beunghar,
Asal rajin reujeung sabar tur tawekal.

Tina guguritan di luhur urang bisa nyokot kacindekkan, yén papatah atawa peupeujeuh ieu nganjurkeun ka jalma nu dipapatahanana supaya: 
1. Ulah bosen ihtiar;
2. Salwasna nungtut élmu;
3. Terus nyiar harta;
4. Rajin, sabar tur tawekal
Tah kitu carana bujangga Sunda dina napsirkeun ayat-ayat Allah ku kaluhungan budayana. Cag!

Sydney, 26 September 2013,
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

Wednesday 25 September 2013

SILOKA DINA KAHIRUPAN DI ALAM DUNYA


Dawuhan Allah : Pikanyaho, yén satemenna kahirupan di dunya ieu ngan wungkul pikaheureuyeun jeung perkara nu matak jadi talangké, hiasan anu reunceum jeung jadi kareueus di antara maranéh ku lobana harta jeung anak, siga hujan anu tutuwuhanana matak hélok ka pangebon, tuluy éta tutuwuhan téh jadi garing jeung kasawang ku anjeun rupana jadi konéng tuluy paéh, Jeung di akhérat (engké) aya azab nu tohaga jeung pangampura ti Alla kalayan karidhoanaNa. Jeung kahirupan dunya ieu taya lian ngan kasenangan anu nipu. (Q.S. Al Hadid, 57:20)

Ayat di luhur ngébréhkeun kumaha Allah SWT ngagambarkeun kaayaan kahirupan di dunya ku ayana siloka (perumpamaan), 
Digambarkeun yén yén satemenna kahirupan di dunya ieu ngan wungkul pikaheureuyeun jeung perkara nu matak jadi talangké, hiasan anu reunceum jeung jadi kareueus di antara maranéh ku lobana harta jeung anak, tah éta cicirén kahirupan di dunya.

Karuhun Sunda ngagambarkeun kahirupan dunya ku hiji guguritan anu pinuh pu papatah, diwangunan macapat, dilagukeun anu mere peupeujeuh, misalna ka pangantén anyar dina acara sawér, contona:


Eling-éling mangka éling, 
Rumingkang di bumi alam,
Dharma wawayangan baé,
Raga taya pangwasa, 
Ana kasasar nya lampah,
Napsu nu matak kaduhung,
Badan anu katempuhan. 

Dina Dawuhan Allah di luhur ngébréhkeun yén kahirupan di dunya ngan ukur heureuy, sedengkeun dina guguritan karya luluhur urang ogé ngébréhkeun kieu: “Rumingkang di bumi alam, dharma wawayangan baé. Hirupngan ukur nyandéwara! Ku ayana kasaruaan papatah kasebut mangkana aya kasaruaan dina nepikeun peupeujeuh tumali jeung kahirupan di dunya.
Bisa jadi ayana kasaruaan peupeujeuh ieu ngarupakeun tapsiran ayat-ayat Allah ku para bujangga Sunda ku “gaya bahasana” sorangan. Hal ieu lain hal anu teu mustahil. Ngan dina cara nepikeunana dilaksanakeun ku hiji cara budaya, upamana dina upacara “sawér pengantén’ tah di dieu Ki Sunda hayang mageuhan “jati diri” Sunda ku kareureus kana budaya Sunda. Sedengkeun tujuanana mah nyaéta saluyu jeung anu dimasud ku Allah SWT.
Cag.

Sydney, 26 September, 2013.
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

Tuesday 24 September 2013

Rahman-Rahim, Kanyaah jeung Kaasih ayana dina wujud manusa.

Lamun rahman-rahim Allah s.w.t. éta diukur ku kaduniawian, naon sababna kaayaan manusa téh bet béda-béda? Aya nu beunghar aya ogé nu miskin. Aya nu susah aya ogé nu senang. Sigana téh Allah s.w.t. pilih kasih, kamurahanana siga dipilih.
Malahan condong, Allah téh ngaanak-térékeun umat Nabi Muhammad s.a.w., sabab ku lolobana kaom Muslimin nu malarat atawa miskin, lobana nu masih kakurangan rizki. Henteu siga bangsa-bangsa lian nu hirupna sarwa aya tur sarwa cukup. 



Sabalikna umat Islam nu dina umumna pinuh ku kasangsaraan.
Satemenna yén Allah ta’alla téh Maha Asih Maha Héman ka kumna mahlukNa, tapi dina buktina, saperti henteu cocog. Malahan geus jadi kanyataan yén Nabi Muhammad s.a.w. nyaéta Kakasih Allah, sagala pamundutna sok dikabulkeun, tapi naha kanyataanana kacida bédana, di mana bangsa lian mah sigana hirupna téh dina kamuyaan jeung kasenangan.
Dina hal ieu urang kudu ati-ati. Ulah nepi ka kaliru jeung ulah sirik ka bangsa jeung kaum lian nu hirupna sarwa beunghar. 

Dawuhan Allah: Mangkana harta banda jeung anak-anak maranéhanana ulah jadi panarik haté anjeun. Satemenna Allah mikahoyong kalawan (masihan) harta banda jeung anak-anak téh keur nyiksa maranéhanana dina kahirupan di dunya jeung jaga bakal ngalayang nyawa maranéhanana, sedengkeun maranéhanana dina kaayaan kafir. (Q.S.At Taubah, 9:55).

Naha urang henteu maklum yén pangasih Allah ta’alla téh satemenna dibikeun ka sakabéh mahluk, malahan enggeus dibikeun kalawan kacida lobana ka diri urang sorangan. Naha henteu ngarasakeunana?

Dawuhan Allah: Jadi nikmat Gusti anjeun nu mana nu ku anjeun diapilainkeun?
(Q.S. Ar Rakhman, 9: 18).

Allah geus masihkeun sagala kamurahan-Na ka sakumna mahlukNa, kaasup ka sato, sakabéhna dibéré kacukupan tanpa aya kajabanan, séwang-séwangana saluyu jeung martabatna. Jadi anu mana baé kaasih Allah téh?
Pangasih Allah téh saréatna geus dibikeun ka urang mangrupa wujud, di antarana anggahota badan, leungeun jeung suku, pangangseu jeung paninggal, pangrungu jeung pengucap, sarta budi jeung akal. Pangasih tadi dibikeun sarua tur rata ka sakabéh mahlukNa. Lain pangasih rizki nu mangrupa banda jeung harta, barang jeung duit, sabab masalah rizki ieu béda-béda, aya nu gedé aya nu leutik. 
.
Dawuhan Allah: Béjakeun: "Allah-lah Nu nyiptakeun anjeun ngajadikeun keur anjeun pangrungu, paninggal jeung haté". (Tapi) ngan saeutik nu syukuran. (Q.S. Al Mulk, 67::23).

Jeung Allah geus nyiptakeun ingon-ingon keur anjeun, di dinya aya (bulu) nu ngahaneutan jeung rupa-rupa manfaat, jeung sabagéanna dahareun anjeun. (Q.S.An Nahl, 16: 5).

Masalah rizki ieu gumantung kana puteranana, misalna lamun anggota badan urang digunakeun sacara bener-bener keur usaha, kalangenan, ihtiar, tangtu bakal ngahasilkeun nu saluyu jeung pagawéan urang, kauntungan nu mucekil. Tapi jalanna kasenangan tadi kudu ngaliwatan rupa-rupa kasulitan. 

Nya kitu deui nu dialaman ku bangsa-bangsa lian, boh bangsa Amerika, bangsa Cina, bangsa Jepang, bangsa Belanda atawa bangsa Arab, maranéhanana sakabéhna bisa hasil ngahontal kabeungharan duniawi sabab geus digawé kalawan soson-soson, saged ngaliwatan kasulitan, giat, rajin, konsisten jeung henteu babari kapangaruhan lamun maksud can kahontal. Kalawan kakuatan daya pikirna, pasti hiji mangsa bakal aya hasilna naon-naon nu dipikahayang. Tah ieu akibat tina ngamangpaatkeun kamurahan Allah kalawan daya pikir nu kuat jeung ngalaksanakeunana kalawan daria.

Jadi pantes lamun maranéhanana téh ngahontal karaharjaan nu kacida jembarna, sabab ngarasa bosen dina nyanghareupan kasulitan, Henteu pernah talangké. Saluyu jeung naon nu didawuhkeun ku Rasulullah saw dina salah sahiji Hadits: Waman toliba sai’an, jidan fawajiddahu. Maksudna: sing saha nu teguh paméntana ka Allah, ménta kalawan praktekna, tangtu Allah ta’ala awal-ahir bakal ngabulkeunana. 

Dawuhan Allah: Jeung Gusti ajneun ngadawuh: "Prak ngadoa ka-Kula, pasti bakal kula ijabah keur anjeun” (Q.S. Al Mu’min, 40:60).

Sabalikna, lamun aya manusa nu kurang teguh paméntana, henteu enya-enya dina ngado’ana, komo deui bari jeung teu prakna, pagawéanana gancang bosen, teu hayang mikir, males sabab nyanghareupan kasulitan, jadi ulah miharep Allah bakal ngabulkeun paméntana. Sabab Allah mah ngan ngabulkeun “doa nu bener”. Ilikan dawuhan Allah ieui:

Ngan keur Allah wungkul (hak gabulkeun) doa nu bener. (Q.S. Ar Rad, 13:14).

Ku sabab kitu kadé ulah sirik ka nu beunghar, nu loba pakaya, nu senang jeung sajabana. Komo deui goréng sangka ka Allah ta’ala kalawan sangkaan henteu adil, padahal urang nu salah narimana.

Salian maparin rahman-rahim-Na di dunya, Allah téh engké bakal maparinkeunana di Ahérat. Kumaha wujud kaasih di Akhérat téh nyaéta Alam Rasa, ku sabab kitu rahman rahim Allah téh tangtu ngawujid rasa. Lamun di alam lahir mangrupa wujud, boh di cai atawa di darat. 

Di akhérat tangtu mangrupa rasa, boh amis, asin, pait, ngeunah, lada, haseum jeung sajabana. Ka mana rasa-rasa tadi kasedotna? Jéntré kasedotna ku rarasaan ngaliwatan indra nu opat. Jéntré sakabéhna nyaéta cicirén karahman rahiman Allah ka makhluk-Na.

Mugia aya mangpaatna.

Padumukan Pakujajar (Pangumbaraan), 25 September 2013.
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

Saturday 21 September 2013

TUJUH KABAGJAAN

Dina enggoning ngahontal kabagjaan, aya tujuh paripolah nu kudu diimeutan, nyaéta: 

1). QOLBUN SYAKIRUN, atawa atua nu salilana syukuran, hartina salawasna narima kana sagama kaayaan (qona'ah), antukna teu boga ambisi nu kaleuleuwihi, moal ngarasa styrass, tah ieu téh hiji kanikmatan haté nu salawasna syukuran.

2). AL-AZWAJU SHALIHAH, nyaéta boga papasangan hirup anu sholéh bakal ngawujudkeun kaayaan imah jeung kulawarga anu sholéh.




3). AL-AULADUL ABRAR, nyaéta boga anak anu sholéh, sabab doá abak anu sholéh ka kolotna (ka indung bapana) dijamin diijabah ku Allah swt, numatak kudu ngaraksa bagja jalma anu boga anak nu shéleh/sholéha.

4). AL-BIATU SHOLIHAH, nyaéta wewengkon anu ngajurung kana iman urang. Rasulullah saw nganjurkeun supaya urang bisa campur-gaul jeung jalma nu sholéh anu salawasna ngajak kana kahadéan jeung ngélingan lamun urang nincak jalan anu salah.

5). AL-MALUL HALAL, atawa harta anu halal. Lain ku lobana harta tapi halalna harta nu dipiboga. Harta nu halal bakal ngajauhkeun sétan tina haté. Haté jadi beresih, suci jeung kuat antukna bisa méré katigtriman. Numatak bagja pisan jalma anu taliti dina milh jeung milah hartana.

6). TAFAKUH FID-DIEN, atawa sumanget dina enggoning ngimeutan agama. Ku diajar kana élma agama, bakal beuki asih tur cinta ka Allah swt sarta rasulNa. Rasa cinta ieu nu méré kabagkaan keur haténa.

7). UMUR NU BAROKAH. Harina umur nu beuki kolot tapi akhlak beuki sholéh, saban saat dieusi ku amal ibadah, beukikolot beuki sono keur pangih jeung Sang Khalik. Tah ieu sumanget hirup jalma nu narokah umurna.
Pamuga urang jadi umat nu pinuh ku kabagjaan..

Sydney, 21 September 2013.
Ki Dr. H Ihwan Natapradja.

Wednesday 11 September 2013

ETIKA ISLAMI

TATAKRAMA NU ISLAMI

Dawuhan Allah dina surat Al Bayinah 5:

Liya’budullaaha mukhlishiina lahud diin(a)

supaya nyembah Allah ku ngalempengkeun kataatan ka Manten-Na dina (ngajalankan) agama anu lempeng.




Definisi Tatakrama/Etika:

Timbulna kesadaran jeung rasa hormat anu bakal ditarima anu saterusna diwujudkeun ku paripolah nu pinuh ku kataatan keur silaturahmi (komunikasi).

Milampah kahadéan.

1. Diwjibkeun milampah kahadéan ka sasama, silih ajénan, ngajénan kaleuwihan batur, ngajénan hak batur, ngahormat, silih-tulungan jeung silaturakhmi.

Dawuhan Allah dina surat An Nisaa ayat 36

Wa bil waalidaini ihsaanaw wa bidzil qurbaa wal yataamaa wa masaakiini wa jaari dzil qurbaa wal jaaril junubi wash shabihi bil jambi wabnis sabiil(i) ,
wamaa malakat aimaanuku,

Jeung pilampah kahadéan ka indung-bapa, karib-karabat, budak yatim, jalma miskin, tatangga anu deukuet jeung tatangga anu jauh, jeung batur sapagawéan, ibnu sabil jaueng hamba sahaya anjeun.

Tina ayat di luhur bisa dijembarkeun miam[ah kahadéan ka:

a. Indung Bapa

Dawuhan Allah:

Wa washshainal insaana bi waalidaih(i), hamalathu ummuhuu wahnan ‘alaa wahniw wa fishaaluhuu fii ‘aamaini anisykur lii wa liwaalidaik(a), ilayyal mashiir(u).

Jeung Kula paréntahkeun ka manusa (milampah kahaéan) ka indung-bapana; indungna nu ngakandung dina kaayaan lemah anu kacida, jeung nyusuan dina dua tahun. BPrak geura syukuran ka Kula jeung ka indung-bapa anjeun. .. -(Q.S.31:14)

Wa bil waalidaini ihsaanaa(n), immaa yabluganna ‘indakal kibara ahaduhumaa au kilaahumaa falaa taqul lahumaa afffiw
wa laa tanharhumaa wa qul lahumaa qaulan kariimaa(n)

Prak pilampah kahadéan ka indung-bapa anjeun anu sahadé-hadéna. Lamun salah saorang di antarana atawa duanana nempi ka umur tuwug rumat ku anjeun, jeung omat anjeun ulahlah ngucapkeun kekecapan saperti "ah" jeung anjeun ulah nyentak ka aranjeunna jeung ucapkeun ka aranenna kekecapan anu mulya. (Q. Al Israa 23)

b. Ka Anak.

Anak keur nu jadi kolot nyaéta amanat Allah s.w.t. jeung jadi tanggung jawabna ka Allah keur ngatikna, ngeusian fitrahna ku akhlak mulya jeung amal saléh.

Dawuhan Allah:

Wa laa taqtuluu aulaadakum khasy-yata imlaaq(in), nahnu narzuquhum wa iyyaakum, inna qatlahum kaana khits’an kabiiraa(n).

Jeung anjeun ulah kamu maéhan anak-anak anjeun kusabab sieun malarat. Kula anu bakal mere rezeki ka maranéhanana jeung ka anjeun. Satemenna maéhan maranéhanana ngarupakeun hiji dosa anu kacida gedéna (QS - Al Israa 31)

Kawajiban kolot ka anak di antarana:

* Méré ngaran ka anakna ku ngaran anu hadé.

* Ngatik perkara tatakrama jeung akhlak mulya.

* Ngatik nulis, maca jeung élmu.

* Ngatik ngeunaan kaséhatan jasmani jeung rohani.

* Ngabayuan ku rezeki anu hadé.

* Nikahkeun lamun geus aya jodohna.

Dawuhan Allah:

Para ibu kudu nyusukeun anak-anakna salila dua tahun pinuh, nyaéta keur anu hayang nyampurnakeun panyusuan. Jeung kawajiban bapana mér pakéan ka indungna ku cara anu makruf. (Q.S. Al Baqarah 233)

c. Ka Dulur.

Kawajiban Muslim ka dulurna di antarana nulung nuntaskeun perkara keur disanghareupan, nulungan kabutuhan hirupna anu sipatna pakeun (materi), nulungan ku mere jalan keur meunangkeun pakeun/materi keur nedunan kabutuhanana. Kitu deui ngarojong ku mere pangaweruh nu hade jeung akhlak mulya.

Dawuhan Allaah:

Innamal mu’minuuna ikhwatun
fa ashlihuu baina akhwaikum wattaqullaaha la’alakum turhamuuna(a)

“Satemenna jalma-jalma mukmin ngarupakeun duduluran kusabab kitu kudu aya dina katengtreman diantara dulur-dulurna. (Q.S. Al Hujurat 10).

Wa laakinnal birra man amaana billaahi ……, wa aatal maala ‘alaa hubbihii dzawil qurbaa ….

Satemenna kagadéan téh iman ka Allah, ……. jeung mere harta anu dipikadeudeuhna ka duluirna, (Q.S. Al Baqarah 177)

d. Ka Geureuha/Carogé.

Keur carogé/geureuha nyaéta amanat ti Allah, anu kudu ijaga anuj sahadé-hadéna. Hiji carogé meunangkeun geueuhana ku hiji jangji anu luhur. Akad nikah antara péhak istri jeung alon carogé lain saperti akad jual beuli atawa transaksi dagang. Tapi akad anu kuat jeung luhur anu dina Al Qur’an disebutna mitsaqan ghalidhan, sakumaha kaunggel dina surat An Nisaa’ ayat21:

Wa aataitatum ihdaahunna qintsaraan falaa ta’khudzu minhu syai’aa(n).

Jeung maranvhanana (geureuha anjeun) geus nyokot ti anjeun jangji anu anu kuat.

Kawajiban carogé ka geureuhana, kahiji kudu maripolah anu kacida pantes atawa patut, anu ssahacé-hadéna numutkeun aturan anu ilahar.

Firman Allah, An Nissa’ 19:

Hé jalma nu ariman, teu halal keur anjeun miboga wanita ku jalan paksa jeung anjeun ulajh nyusahkeun maranéhanana sabab hayang nyokot deui sabagéan tina naon anu geus dikbikeun, kajaba lamun manéhna mgalakukeun pagawéan anu keji anu nyata. Jeung campur-gaull jeung manéhna sacara patut. Lamun seug geus teu suka ka maranéhanan (omat kudu sabar) sabab bisa jadi anjeuna teu resep kana hiji perkara, padahal Allah geus midamel kahadéan nu loba keur manéhna. (Al Baqarah 228)

Pada-pada ngarti jeung pikaasih nyaéta cara anu paling hadé antara carogé jeung geureuha.

Dawuhan Allah: Wa min aayaatihii an khalaqa lakum min anfusikum azwaajal litaskunuu ilaihaa wa ja’ala bainakum mawaddataw wa rahmah(tan), inna fii dzaliika la aayaatil liqaumiy yatafakkaruun(a).

Jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-Na nyaéta nyiptakeun isteri-pasangan anjeun tina jinis anjeunn sorangan, supaya anjeun condong jeung ngarasa tingtrim, jeung dipidamel-Na di antara anjeun rasa silih pikaasih.  (Ar Rum 21)

e. Ka Babaturan/Sobat.

Kawajiban ka babaturan anu utama nyaéta ngaping jeung mere pangaweruh anu had supaya babaturan urang boga akhlak karimah, di sagigireun urang meunang pengaruh anu hade ti babaturan anu hade.

Dawuhan Allah dina surat An Nisaa’ 36: Jeung jieun kahadéan ka babaturan sapagawéan -(Q.S.4:36).

Satersna Allah ngadawuh:

Wattaqullaahal ladzii tasaa’aluuna bihii wal arham(a)

Jeung geura takwa ka Allah anu ku (ngagunakeun) asma-Na anjeun silih pénta, jeung (rumat) tali silaturahmi. (Q.S. An Nisaa’ 1)

Jeung Surat Al Ashr:

Demi wanci. Satemenna manusa téh bener-bener aya dina karugian, kajaba jalma-jalma anu iman jeung migawé amal saléh jeung siih miwejang supaya taat kana bebeneran jeung silih piwejang upaya aya tetep dina kasabaran.

f. Ka Tatangga.

Tatangga anu dumuk sagigiereun jeung imah urang jeung tatangga anu jauh ti imah urang.

Tengetan Surat An Nisaa’ ayat 36 di luhur: “Jeung polah kahadéan ka …….tatangga anu dekeut jeung tetangga anu jauh,…”

Kawajibanna di antara,a silih tulungan lamun manggih kasusahan, méré/ nganteuran kadaharan anu nmangrupa karesepna, ngirim oléh-oléh mun tas balik ti panyabaan (lamun aya), ieu ngarupakeun atikan ku sikep anu hadé. Sekurang-kurangna ku sikep silih hormat jeung silih ajénnan,insya Llah tatangga urang ogé bakal kitu.

g. Ka sasama Muslim.

Silih tulungan keur kahadéan jeung takwa ka Allah nyaéta paréntah Allah, anu bisa ditarik hukum wajib ka saban kaum Muslim ku cara anu saluyu jeung jalma kasebut.

Kawajiban silih-tulungan lain ngan wungkul dina sagi moril, tapi ogé dina sagi materil, anu sifatna kabutuhan utama manusaa keur ngajaga kalestarian hirup manusaa.

Dawuhan Allah:

Wa ladziina yu’zuunal mu’minuuna wal mu’minaati bigairi maktasabuu faqad-ihtamaluu bahtaanaw wa itsymam mubiinaa(n).

Jeung jalma-jalma anu nganyenyeri jalma mukmin jeung mukminat tanpa kasalahan anu dipigawé ku manéhna, mangka satemenna maranéhanana geus nanggung kabohongan jeung dosa anu nyata. ( Q.s. Al Ahzab 58)

Salajengna Allah ngadawuh:

Khudzil ‘afwa wa’mur bil ‘urfi wa a’ridh ‘anil jaahiliin(a).

Anjeun kudu jadi tukang ngahampura jeung prak tuitak jalma pikeun migawé makruf, sarta ngabalieur di jalma-jalma bodo. -(Q.S.7:199)

h. Ka jalma kafir.

Dawuhan Allah:

Wa makhtalafal ladziina uutul kitaaba illa mim ba’di maa jaa’ahumul ‘ilmu bagyam bainahum

Euweuh papaséaan jalma-jalma anu telah dibéré Al Kitab keajaba geus datang pangaweruh ka maranéhanana (Q.S. Ali Imraan 19)

Salajengna Allah ngadawuh

Al yauma ya’isal ladziina kafaruu min dinikum falaa taksyauhum wakhsyaun(i)

Dina poé ieu jama-jalma kafir geus putus asa keur (ngéléhkeun) agama anjeun, sebab itu anjeun ulah sieun ka maranéhanana, sieun mah ka-Kula.(Q.S. Al Maidah 3)

Wassalamu’alaikum wr.wb

Pasanggrahan Pakujajar, 6 September 2013.
Ki Dr.H. Ihwan Natapradja.

BEKERJA DAHULU BARU MEMINTA.

MEMAKNAI SURAT KELIMA

DALAM

SURAT AL FATIHAH

MAKNANYA:



"JANGANLAH MEMINTA UPAH DAHULU, SEBELUM KITA BEKERJA. JANGANLAH BEKERJA SESUATU ITU HANYA DIKARENAKAN AKAN ADA UPAH, TETAPI KALAU KITA BEKERJA DENGAN BAIK, INSYA ALLAH UPAH ITU DENGAN SENDIRINYA AKAN DATANG."


wassalatu wassalamu 'ala Rasulullah ,wa ala ahlihi waashbihi wamauwallah. Asyhadu ala illaha ilallahu wahdahula syarikallah,

wa ashadu ana Muhammadan abduhu warasuluh.

Allohuma ya wahidu, ya ahadi ya wajidu ya jawad,

washoli wa salim wabarik ala sayidina Muhammad, wa 'ala ali Muhammad.

Qulillahi fil Quranul Adzim:

Pada kali ini saya mencoba memaknai ayat yang kelima daripada Surat Al Fatihah yang dalam terjemahannya berbunyi:

Éx$­ƒÎ) ßç7÷ètR y$­ƒÎ)ur ÚúüÏètGó¡nS ÇÎÈ    

Hanya Engkaulah*) yang kami ibadati, dan hanya kepada Engkaulah*) kami meminta pertolongan.

Catatan :

Kata ”Engkau” di sini bukan terjemahan saya, tapi kata-kata para penterjemah Al Qur’an yang telah direstui oleh Deprtemen Agama. Coba simak semua terjemahan Al Qur’an dalam bahasa Indonesia, semua menggunakan kata ”Engkau” dengan huruf besar, untuk menyatakan Allah (atau kata ketiga dengan istilah ”Dia”).

Karena saya merasa tidak sopan, mengatakan kata ”Engkau” kepada Yang Maha Agung, maka dalam bahasan-bahasan, atau tulisan-tulisan saya, saya tidak akan menggunakan kata ”Engkau” bagi Allah, seandainya ada kata yang lebih baik daripada ”Engkau” maka akan saya gunakan.

Pertanyaan saya: mengapa kita selalu mengatakan ”Beliau” bagi Nabi Muhammad, suatu kata yang sangat sopan dan santun, tetapi mengatakan ”Dia” kepada Allah. Mengapa kita mengatakan Paduka dan Baginda kepada Kepala Negara, tetapi cukup ”Dia” dan ”Engkau” kepada Allah? Mengapa kita tidak berusaha mencari kata yang lebih sopan daripada ”Engkau” dan ”Dia”. Ini hanyalah sekedar catatan saya.

Baiklah saya lanjutkan kajian ini kepada pokok tema, yaitu memaknai ayat kelima.

Pada intinya ini adalah suatu pernyataan atau ikrar dari seorang Muslim bahwa ia lepas dari kemusyrikan, tidak syirik dan tidak mempersekutukan Allah dengan siapa pun dan apapun.

Ada dua kata kunci yang terdapat pada ayat ini yaitu na’budu dan nastain.

1) Na'budu diambil dari kata 'ibadat: kepatuhan dan ketundukkan yang ditimbulkan oleh perasaan terhadap kebesaran Allah, sebagai Rabb yang disembah, karena berkeyakinan bahwa Allah mempunyai kekuasaan yang mutlak terhadapnya.

Ayat kelima ini dijabarkan oleh berbagai macam ayat-ayat yang terdapat pada surat-surat lain dalam Al Qur’an.

Tentunya ikrar ini adalah suatu fitrah bagi manusia karena memang manusia itu diciptakan Allah SWT hanya dengan kewajiban atau tugas yaitu beribadah atau mengabdi kepada Allah semata, ini dinyatakan dalam ayat berikut ini:

$tBur àMø)n=yz £`Ågø:$# }§RM}$#ur žwÎ) Èbrßç7÷èuÏ9 ÇÎÏÈ
   

Dan aku tidak menciptakan jin dan manusia melainkan supaya mereka mengabdi kepada-Ku. (Az Zariyat: 56)

Dengan demikian segala perilaku Muslim yang sesuai dengan program, skenario dan tata-cara yang dituntun oleh Allah melalui Rasul-Nya adalah termasuk ”beribadah”.

Mengapa HANYA KEPADA ALLAH?

Karena memang hanya ada SATU yang wajib diibadati yaitu Allah, ini dinyatakan dalam Surat Al Ikhlas:

ö@è% uqèd ª!$# îymr& ÇÊÈ   ª!$# ßyJ¢Á9$# ÇËÈ   öNs9 ô$Î#tƒ öNs9ur ôs9qムÇÌÈ   öNs9ur `ä3tƒ ¼ã&©! #·qàÿà2 7ymr& ÇÍÈ   


1. Katakanlah: "Allah-lah, Yang Maha Esa.

2. Allah adalah Rabb yang bergantung kepada-Nya segala sesuatu.

3. Yang tidak beranak dan tidak pula diperanakkan,

4. dan tidak ada seorangpun yang setara dengan-Nya."

Karena hanya ada satu dan tidak ada seorang pun yang setara dengan Allah, maka jelas tidak ada yang wajib disembah dan diibadati kecuali ALLAH. Di sinilah ikrar manusia dinyatakan dalam setiap shalat dengan perkataan:

Kepada –Allah- kami beribadah

Apa lagi dalam beberapa ayat yang lain Allah memberi tuntunan kepada kita baik secara langsung melalui Rasulullah atau melalui kisah-kisah para nabi lainnya, agar manusia TIDAK MEMPERSEKUTUKAN ALLAH dan HANYA ALLAH yang wajib disembah.

Firman Allah:

¨`tBur õ8ÎŽô³ç «!$$Î/ ôs)sù ¨@|Ê Kx»n=|Ê #´Ïèt/ ÇÊÊÏÈ   

Barangsiapa yang mempersekutukan (sesuatu) dengan Allah, Maka Sesungguhnya ia telah tersesat sejauh-jauhnya. (An Nisa’:116)

Nasihat Luqman kepada putranya:

øŒÎ)ur tA$s% ß`»yJø)ä9 ¾ÏmÏZö/ew uqèdur ¼çmÝàÏètƒ ¢Óo_ç6»tƒ Ÿw õ8ÎŽô³è@ «!$$Î/ ( žcÎ) x8÷ŽÅe³9$# íOù=Ýàs9 ÒOŠÏàtã ÇÊÌÈ   
    
"Hai anakku, janganlah kamu mempersekutukan Allah, sesungguhnya mempersekutukan (Allah) adalah benar-benar kezaliman yang besar". (Luqman: 13)

Berpuluh-puluh ayat lainnya menyatakan bahwa pebuatan syirik (mempersekutukan Allah) adalah dosa besar yang tidak dapat diampuni.

¨bÎ) ©!$# Ÿw ãÏÿøótƒ br& x8uŽô³ç ¾ÏmÎ/ ãÏÿøótƒur $tB tbrߊ y7Ï9ºsŒ `yJÏ9 âä!$t±o 4 `tBur õ8ÎŽô³ç «!$$Î/ Ïs)sù #uŽtIøù$# $¸JøOÎ) $¸JŠÏàtã ÇÍÑÈ   

Barangsiapa yang mempersekutukan Allah, maka sungguh ia telah berbuat dosa yang besar.
(An Nisa’: 48)

Dan dosa mempersekutukan Allah dengan sesuatu tidak akan diampuni-Nya:

¨bÎ) ©!$# Ÿw ãÏÿøótƒ br& x8uŽô³ç ¾ÏmÎ/ ãÏÿøótƒur $tB šcrߊ šÏ9ºsŒ `yJÏ9 âä!$t±o 4 `tBur õ8ÎŽô³ç «!$$Î/ ôs)sù ¨@|Ê Kx»n=|Ê #´Ïèt/ ÇÊÊÏÈ   

Sesungguhnya Allah tidak mengampuni dosa mempersekutukan (sesuatu) dengan-Nya, dan (Allah) mengampuni dosa yang selain syirik bagi siapa yang dikehendaki-Nya. Barangsiapa yang mempersekutukan (sesuatu) dengan Allah, maka sesungguhnya ia telah tersesat sejauh-jauhnya. (An Nisa’: 116)

Demikianlah beberapa ayat yang menjabarkan ayat

Kepada –Allah- kami beribadah


2) Nasta'in (minta pertolongan), terambil dari kata isti'anah: mengharapkan bantuan untuk dapat menyelesaikan suatu pekerjaan yang tidak sanggup dikerjakan dengan tenaga sendiri.

Maka ayat:

dan hanya kepada Allah kami meminta pertolongan.

Dijabarkan pula oleh beberapa ayat yang terdapat pada surat-surat lainnya dalam Al Qur’an. Ikrar ini memperkukuh ikrar pertama hanya kepada Allah kami beribadah, maka jika demikian SUDAH PASTI HANYA KEPADA ALLAH PULA KAMI MEMOHON segala sesuatu. BUKAN KEPADA SESUATU ATAU SIAPA PUN SELAIN DARIPADA ALLAH.

Ayat-ayat yang memperkuat ikrar ini antara lain:

bÎ) ãNä.÷ŽÝÇZtƒ ª!$# Ÿxsù |=Ï9$xî öNä3s9 ( bÎ)ur öNä3ø9äøƒs `yJsù #sŒ Ï%©!$# Nä.çŽÝÇZtƒ .`ÏiB ¾ÍnÏ÷èt/ 3 n?tãur «!$# È@©.uqtGuŠù=sù tbqãYÏB÷sßJø9$# ÇÊÏÉÈ   
Jika Allah menolong kamu, maka tak adalah orang yang dapat mengalahkan kamu; jika Allah membiarkan kamu (tidak memberi pertolongan, maka siapakah gerangan yang dapat menolong kamu (selain) dari Allah sesudah itu? Karena itu hendaklah kepada ALlah saja orang-orang mukmin bertawakkal. (Ali Imran: 160)

Kemudian kita harus yakin betul bahwa pertolongan Allah itu pasti adanya dan amat dekat:

÷Pr& óOçFö6Å¡ym br& (#qè=äzôs? sp¨Yyfø9$# $£Js9ur Nä3Ï?ù'tƒ ã@sW¨B tûïÏ%©!$# (#öqn=yz `ÏB Nä3Î=ö6s% ( ãNåk÷J¡¡¨B âä!$yù't7ø9$# âä!#§ŽœØ9$#ur (#qä9Ìø9ãur 4Ó®Lym tAqà)tƒ ãAqߧ9$# tûïÏ%©!$#ur (#qãZtB#uä ¼çmyètB 4ÓtLtB çŽóÇnS «!$# 3 Iwr& ¨bÎ) uŽóÇnS «!$# Ò=ƒÌs% ÇËÊÍÈ   

Apakah kamu mengira bahwa kamu akan masuk syurga, padahal belum datang kepadamu (cobaan) sebagaimana halnya orang-orang terdahulu sebelum kamu? Mereka ditimpa oleh malapetaka dan kesengsaraan, serta digoncangkan (dengan bermacam-macam cobaan) sehingga berkatalah Rasul dan orang-orang yang beriman bersamanya: "Bilakah datangnya pertolongan Allah?" Ingatlah, sesungguhnya pertolongan Allah itu amat dekat. (Al Baqarah: 214)

Dan Allah itu sendiri amatlah dekat dengan kita, karena Allah sendiri yang membeti pernyataan ini dala Firman-Nya:
 ( ß`øtwUur Ü>tø%r& Ïmøs9Î) ô`ÏB È@ö7ym σÍuqø9$# ÇÊÏÈ   

dan Aku lebih dekat kepadanya daripada urat lehernya, (Qaf:16)

Dengan kedekatan-Nya dengan kita dan ketaqwaan kita kepada-Nya maka pertolongan berupa petunjuk yang lurus pasti akan diberikannya kepada kita.

$pkšr'¯»tƒ šúïÏ%©!$# (#þqãZtB#uä bÎ) (#qà)­Gs? ©!$# @yèøgs öNä3©9 $ZR$s%öèù öÏeÿs3ãƒur öNà6Ztã öNä3Ï?$t«Íhy öÏÿøótƒur öNä3s9 3 ª!$#ur rèŒ È@ôÒxÿø9$# ÉOŠÏàyèø9$# ÇËÒÈ   

Hai orang-orang beriman, jika kamu bertaqwa kepada Allah, Akui akan memberikan kepadamu Furqan*]. Dan Akui akan jauhkan dirimu dari kesalahan-kesalahanmu, dan mengampuni (dosa-dosa)mu. Dan Allah mempunyai karunia yang besar. (Al Anfal:29)

*]. Furqan disini berarti petunjuk yang dapat membedakan antara yang haq dan yang batil, dapat juga diartikan disini sebagai pertolongan.

Perintah memohon hanya kepada Allah telah disampaikan kepada kaum terdahulu, antara lain kepada umatnya nabi Musa , dalam ayat berikut ini:

tA$s% 4ÓyqãB ÏmÏBöqs)Ï9 (#qãYÏètGó$# «!$$Î/ (#ÿrçŽÉ9ô¹$#ur ( žcÎ) uÚöF{$# ¬! $ygèOÍqム`tB âä!$t±o ô`ÏB ¾ÍnÏŠ$t6Ïã ( èpt7É)»yèø9$#ur šúüÉ)­FßJù=Ï9 ÇÊËÑÈ   

Musa berkata kepada kaumnya: "Mohonlah pertolongan kepada Allah dan bersabarlah; sesungguhnya bumi (ini) kepunyaan Allah; dipusakakan-Nya kepada siapa yang dihendaki-Nya dari hamba-hamba-Nya. Dan kesudahan yang baik adalah bagi orang-orang yang bertakwa." (Al Araf: 128)

Maka segala permohonan untuk pertolongan dari Allah pasti dipenuhinya, dan hanya pertolongan dari Allah adalah sebenar-benarnya pertolongan yang diberikan-Nya kepada siapa yang dikehendaki-Nya:

Karena pertolongan Allah. Allah menolong siapa yang dikehendakiNya.

ÎŽóÇuZÎ/ «!$# 4 çŽÝÇZtƒ ÆtB âä!$t±o ( uqèdur âƒÍyèø9$# ÞOŠÏm§9$# ÇÎÈ   

Dan Allah Maha Perkasa lagi Penyayang. (Ar Rum: 5)

Akhirnya, janganlah kita meminta pertolongan kepadan selain Allah:

Ÿwur (#þqãZx.ös? n<Î) tûïÏ%©!$# (#qßJn=sß ãNä3¡¡yJtGsù â$¨Y9$# $tBur Nà6s9 `ÏiB Èbrߊ «!$# ô`ÏB uä!$uŠÏ9÷rr& ¢OèO Ÿw šcrçŽ|ÇZè? ÇÊÊÌÈ   

Dan janganlah kamu cenderung kepada orang-orang yang zalim] yang menyebabkan kamu disentuh api neraka, dan sekali-kali kamu tiada mempunyai seorang penolongpun selain daripada Allah, kemudian kamu tidak akan diberi pertolongan.(Hud:113)

Oleh karena itu ikrar

dan hanya kepada Allah kami meminta pertolongan.

Insya Allah kita ucapkan paling tidak 17 kali dalam sehari-semala.

Bahkan bukan itu saja, ikrar kita yang selalu kita ucapkan sebelum shalat adalah memperkuat ayat kelima Al Fatihah, yaitu:

ö@è% ¨bÎ) ÎAŸx|¹ Å5Ý¡èSur y$uøtxCur ÎA$yJtBur ¬! Éb>u tûüÏHs>»yèø9$# ÇÊÏËÈ   

Sesungguhnya shalatku, ibadatku, hidupku dan matiku hanyalah untuk Allah, Rabbil ‘alamin. (Al An’am:162)

Di bagian akhir surat Al Fatihah disebutkan permohonan hamba supaya diberi petunjuk oleh Allah kejalan yang lurus, yang cukup sempurna sebagai pedoman menuju jalan yang dimaksudkan itu. Untuk itu ikutilah bahasan saya berikutnya yang berjudul ”Golongan Al Mun’am Alaihim”.

Kesimpulan penting bagi kita menyimak dan menjabarkan ayat di atas pada kehidupan sehari-hari adalah; JANGANLAH MEMINTA UPAH DAHULU, SEBELUM KITA BEKERJA. JANGANLAH BEKERJA SESUATU ITU HANYA DIKARENAKAN AKAN ADA UPAH, TETAPI KALAU KITA BEKERJA DENGAN BAIK, INSYA ALLAH UPAH ITU DENGAN SENDIRINYA AKAN DATANG.

Semoga bermanfaat.

Barokallahu li walakum bil ayati, Waladdikril hakim.

Wataqabbala minni waminkum tilawat(i), Innahu huwas-samiul alim.

Ki H Ihwan Natapradja