Tuesday, 24 September 2013

Rahman-Rahim, Kanyaah jeung Kaasih ayana dina wujud manusa.

Lamun rahman-rahim Allah s.w.t. éta diukur ku kaduniawian, naon sababna kaayaan manusa téh bet béda-béda? Aya nu beunghar aya ogé nu miskin. Aya nu susah aya ogé nu senang. Sigana téh Allah s.w.t. pilih kasih, kamurahanana siga dipilih.
Malahan condong, Allah téh ngaanak-térékeun umat Nabi Muhammad s.a.w., sabab ku lolobana kaom Muslimin nu malarat atawa miskin, lobana nu masih kakurangan rizki. Henteu siga bangsa-bangsa lian nu hirupna sarwa aya tur sarwa cukup. 



Sabalikna umat Islam nu dina umumna pinuh ku kasangsaraan.
Satemenna yén Allah ta’alla téh Maha Asih Maha Héman ka kumna mahlukNa, tapi dina buktina, saperti henteu cocog. Malahan geus jadi kanyataan yén Nabi Muhammad s.a.w. nyaéta Kakasih Allah, sagala pamundutna sok dikabulkeun, tapi naha kanyataanana kacida bédana, di mana bangsa lian mah sigana hirupna téh dina kamuyaan jeung kasenangan.
Dina hal ieu urang kudu ati-ati. Ulah nepi ka kaliru jeung ulah sirik ka bangsa jeung kaum lian nu hirupna sarwa beunghar. 

Dawuhan Allah: Mangkana harta banda jeung anak-anak maranéhanana ulah jadi panarik haté anjeun. Satemenna Allah mikahoyong kalawan (masihan) harta banda jeung anak-anak téh keur nyiksa maranéhanana dina kahirupan di dunya jeung jaga bakal ngalayang nyawa maranéhanana, sedengkeun maranéhanana dina kaayaan kafir. (Q.S.At Taubah, 9:55).

Naha urang henteu maklum yén pangasih Allah ta’alla téh satemenna dibikeun ka sakabéh mahluk, malahan enggeus dibikeun kalawan kacida lobana ka diri urang sorangan. Naha henteu ngarasakeunana?

Dawuhan Allah: Jadi nikmat Gusti anjeun nu mana nu ku anjeun diapilainkeun?
(Q.S. Ar Rakhman, 9: 18).

Allah geus masihkeun sagala kamurahan-Na ka sakumna mahlukNa, kaasup ka sato, sakabéhna dibéré kacukupan tanpa aya kajabanan, séwang-séwangana saluyu jeung martabatna. Jadi anu mana baé kaasih Allah téh?
Pangasih Allah téh saréatna geus dibikeun ka urang mangrupa wujud, di antarana anggahota badan, leungeun jeung suku, pangangseu jeung paninggal, pangrungu jeung pengucap, sarta budi jeung akal. Pangasih tadi dibikeun sarua tur rata ka sakabéh mahlukNa. Lain pangasih rizki nu mangrupa banda jeung harta, barang jeung duit, sabab masalah rizki ieu béda-béda, aya nu gedé aya nu leutik. 
.
Dawuhan Allah: Béjakeun: "Allah-lah Nu nyiptakeun anjeun ngajadikeun keur anjeun pangrungu, paninggal jeung haté". (Tapi) ngan saeutik nu syukuran. (Q.S. Al Mulk, 67::23).

Jeung Allah geus nyiptakeun ingon-ingon keur anjeun, di dinya aya (bulu) nu ngahaneutan jeung rupa-rupa manfaat, jeung sabagéanna dahareun anjeun. (Q.S.An Nahl, 16: 5).

Masalah rizki ieu gumantung kana puteranana, misalna lamun anggota badan urang digunakeun sacara bener-bener keur usaha, kalangenan, ihtiar, tangtu bakal ngahasilkeun nu saluyu jeung pagawéan urang, kauntungan nu mucekil. Tapi jalanna kasenangan tadi kudu ngaliwatan rupa-rupa kasulitan. 

Nya kitu deui nu dialaman ku bangsa-bangsa lian, boh bangsa Amerika, bangsa Cina, bangsa Jepang, bangsa Belanda atawa bangsa Arab, maranéhanana sakabéhna bisa hasil ngahontal kabeungharan duniawi sabab geus digawé kalawan soson-soson, saged ngaliwatan kasulitan, giat, rajin, konsisten jeung henteu babari kapangaruhan lamun maksud can kahontal. Kalawan kakuatan daya pikirna, pasti hiji mangsa bakal aya hasilna naon-naon nu dipikahayang. Tah ieu akibat tina ngamangpaatkeun kamurahan Allah kalawan daya pikir nu kuat jeung ngalaksanakeunana kalawan daria.

Jadi pantes lamun maranéhanana téh ngahontal karaharjaan nu kacida jembarna, sabab ngarasa bosen dina nyanghareupan kasulitan, Henteu pernah talangké. Saluyu jeung naon nu didawuhkeun ku Rasulullah saw dina salah sahiji Hadits: Waman toliba sai’an, jidan fawajiddahu. Maksudna: sing saha nu teguh paméntana ka Allah, ménta kalawan praktekna, tangtu Allah ta’ala awal-ahir bakal ngabulkeunana. 

Dawuhan Allah: Jeung Gusti ajneun ngadawuh: "Prak ngadoa ka-Kula, pasti bakal kula ijabah keur anjeun” (Q.S. Al Mu’min, 40:60).

Sabalikna, lamun aya manusa nu kurang teguh paméntana, henteu enya-enya dina ngado’ana, komo deui bari jeung teu prakna, pagawéanana gancang bosen, teu hayang mikir, males sabab nyanghareupan kasulitan, jadi ulah miharep Allah bakal ngabulkeun paméntana. Sabab Allah mah ngan ngabulkeun “doa nu bener”. Ilikan dawuhan Allah ieui:

Ngan keur Allah wungkul (hak gabulkeun) doa nu bener. (Q.S. Ar Rad, 13:14).

Ku sabab kitu kadé ulah sirik ka nu beunghar, nu loba pakaya, nu senang jeung sajabana. Komo deui goréng sangka ka Allah ta’ala kalawan sangkaan henteu adil, padahal urang nu salah narimana.

Salian maparin rahman-rahim-Na di dunya, Allah téh engké bakal maparinkeunana di Ahérat. Kumaha wujud kaasih di Akhérat téh nyaéta Alam Rasa, ku sabab kitu rahman rahim Allah téh tangtu ngawujid rasa. Lamun di alam lahir mangrupa wujud, boh di cai atawa di darat. 

Di akhérat tangtu mangrupa rasa, boh amis, asin, pait, ngeunah, lada, haseum jeung sajabana. Ka mana rasa-rasa tadi kasedotna? Jéntré kasedotna ku rarasaan ngaliwatan indra nu opat. Jéntré sakabéhna nyaéta cicirén karahman rahiman Allah ka makhluk-Na.

Mugia aya mangpaatna.

Padumukan Pakujajar (Pangumbaraan), 25 September 2013.
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

No comments:

Post a Comment