Urang geus maklum yén anu dimaksud ku dua alam téh nyaéta dunya jeung akhérat. Kieu aya tumalina jeung paripolah urang dina ibadah (ihtiar), nyaéta kudu bisa ngahontal hasil keur dua kahirupan, nyaéta kahirupan dunya jeung kahirupan akhérat. Dina enggoning ngahontal hasil dina dua alam ieu, loba siloka-siloka anu digambarkeun ku Allah swt dina Al Qur’an jeung tangtuna geus loba panapsiranana ti para mufasir atawa bujangga-bujangga kahot Sunda ngaliwatan “oral tradisi”, boh mangrupa pantun, sisindiran, babasan, peupeujeuh atawa papatah.
Béda deui jeung kaom kafirun anu nganggap yén dunya ieu subagé tujuan ahir jeung kualatan kitu ébréh tina paripolahna anu ngahalalkeun sagala cara, gembul (rakus) jeung mentingkeun diri sorangan, hirupna ngan wungkul keur kasenangan dunya. Ieu téh disababkeun maranéhanana teu percaya kana Poé Ahir (Kiamat), antukna maranéhana boga pamadegan hirup kieu: “Rebutlah segala kesenangan dan kenikmatan hidup yang dapat, sebelum mati”. Jadi dunya jeung cicirén kaulinan, katalangkéan, reureus ku kakayaan jeung parebut harta kakayaan téh dunya maranéhanana.
Sedengkeun numutkeun sawangan salma nu taqwa jeung nu iman mah yén hirup di dunya ieu subagé cukang-lantaran keur nepikeun urang ka akhérat. Salila hirup di dunya urang kudu ngumpulkeun bebekelan keur hiji pilampaheun anu bangga jeung jauh ngajugjug akhéray. Nu jadi ukuran untung-rugi lain naon nu dipiboga atawa naon nu leungit tina kanikmatan dunya, tapi naos nu jadi ukuran nyaéta karidhoan jeung bebendon (kamurkaan) Allah swt.
Mangkadé ulah salah paham, lain hartina kaom Muslim teu meunang beunghar, teu meunang ngumpulkeun harta-banda jeung teu meunaang narasa nikmatna dunya-barana, malahan ha lieu the patukang-tonggong jeung atikan-atikan Islam. Dina Qur’an Allah s.w.t. malah nganjurkeun supaya urang ulah mopohokeun kanikmatan dunya, sagédéngeun ngudag kabagjaan akhérat, duanana kudu sajajar tur saimbang.
Dawuhan Allah: Jeung téang dina naon anu geus dianugerahkeun ku Allah ka anjeun (kabagjaan) nagri Akérat, jeung anjeun teu meunang mopohokeun bagéan anjeun (kanikmatan) duniawi.(Q.S. Al Qashash, 28:77)
Dina panapsiran ayat ieu, bujangga urang Sunda geus nyanggi hiji guguritan anu mindeng dilagukeun dina upacara sawér pangantén atawa ku lagu Kidung, unggelna kieu:
Dalam penafsiran ayat tersebut, pujangga Sunda membuat sebuah pantun yang juga sering dilantunkan atau disampaikan pada upacara sawer pengantin dengan lagu kidungnya, bunyinya demikian:
Satungtung urang gumelar,
Ulah bosen nya ihtiar,
Elmu tungtut dunya siar ,
Malah mandar jadi beunghar,
Asal rajin reujeung sabar tur tawekal.
1. Ulah bosen ihtiar;
2. Salwasna nungtut élmu;
3. Terus nyiar harta;
4. Rajin, sabar tur tawekal
Tah kitu carana bujangga Sunda dina napsirkeun ayat-ayat Allah ku kaluhungan budayana. Cag!
Sydney, 26 September 2013,
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

No comments:
Post a Comment