Sunday 24 November 2013

LAYANG CAANGNA HIRUP

Seratan ieu pikeun sakabéh manusa anu butuh kana didikan jeung atikan hiji élmu pikeun nganyahokeun makna-makna jeung omongan anu ngandung hikmah. Sarta panungtun supaya éta manusa téh bisa paham kana bebeneran jeung jadi pinter. Gunana ogé pikeun nangtungkeun kaadilan jeung kajujuran kana dirina. Muka kana kapinteran diri pikeun manusa nu pinuh ku pangalaman jeung panemu jeung ngajarkeun kawijakan pikeun anu ngarora. Muga-muga jadi hiji kahadéan, di mana nu aranom gé diajar kana bab kawijakan diri jeung meunang bahan babandingan anu hadé pikeun ngarti jeung ngahartikeun dina babngajalankeunn hirupna anu pinuh ku rupa-rupa pasualan. Muga-muga paribasa jeung siloka manusa nu wijak ieu bisa nungtun balaréa ka jalan anu dipikaridho ku dirina jeung Gustina, sieun kana salah jeung hayang manggih anu bener. Manusa nu bodo moal beuki kana mikir jeung ngahinakeun kana jalan nu bener. Moyok kana didikan diri. Sarua jeung mopohokeun kana nu aya dina jero dirina nyaéta hiji rasa nu mulya. Pinuh ku lautan élmu jeung ma’rifatna diri nu hakiki. Saeutik kudu mahi loba kudu nyésa, mun mahi pikeun diri aya nyésa pikeun sasama, nyanggakeun sadaya-daya teu rék ngaku teu rék ngaboga-boga, mun dekil sing manggih cai, mun lapar sing manggih dahareun, galah cedek papas runcing moal rék leuleuwiheun, mun ala kadarna caang damar sing jadi panggeuing kundangeun urang saréréa, ulah nafsu diakhératna ulah nafsu di alam dunyana, salamet sakawasana langgeung salalawasna atining hurip.

Cag.

Sydney b25 Nopember 2013.
Ki Dr. H. Ihwan Natapradja.

No comments:

Post a Comment