Tuesday 5 November 2013

GUGURITAN: "MAPAG MUHARAM"

Duh Muhammad, kumaha paraosan pangerea sabada 13 taun dakwah tapi ditolak di lembur kuanjeun malahan dihina ku para karabat?

Duh Muhammad, 13 taun ngemban amanah ari nu kahontal mung saurang murid sareng ayana ancaman nu rék ngarogahala, naha teu ngaraos gagal?

Ya Muhammad, jungjunan abdi sadaya, naha teu kuciwa salami 13 taun seueur jalmi anu nolak risalah tibatan tumut ka pangeresa?

Ya Muhammad, panutan abdi sadaya, naha kénging abdi neuleuman qolbu pangeresa nalika rerencepan miang ka Madinah? Kumaha paraosan pangeresa harita?

Aduh Muhammad. Naon anu diraraoskeun ka pangeresa nalika miang ngantunkeun sadérék anu nuju kulem tibra dina ranjang nganggo simbut pangeresa? Kumaha pinasibeun Ali?

Ya Muhammad, naha émut pangeresa badé meuntasan padang-keusik sareng gunung batu anu tarahal, sababara dinten kanggo ngajugjug Yatsrib? Naha henteu serah bongkokan baé? Oh Muhammad, sakali deui, naha pangeresa henteu serah bongkokan?

Naha pangeresa bet milih neraskeun risalah ku jalan hijrah ka Yatsrib?

Muhammad, haréwoskeun ka abdi, kahariwang sareng kasedihan naon nu kantos diraraoskeun ku pangeresa nalika nyumput di guha sareng Abu Bakar bari dikepung musuh.

Muhammad panutan abdi, kumaha waleran pangeresa nalika aya nu nganggap yén hijrah téh ngan ukur panglumpatan jeung kagagalan? Naha teu ngaraos kaganggu?

Muhammad, tungtun panangan abdi, naha pangeresa kantos ngaraos mangmang sareng putus asa nalika wengi-wengi anu tiis di padang-keusik ka Yatsrib?

Muhammad panutan abdi, rangkul abdi, haréwosan abdi, naha pangeresa kantos ngaraos was-was, kana bebeneran sareng jangjiNa nalika diparéntah ngantunkeun Mekah?
Muhammad panutan abdi, naha aya cisoca anu nyakclak nalika pangeresa nyawang Kabah ti katebihan saterasna ngantunkeun ka Yatsrib?

Muhammad panutan abdi, sateuacanna kumna jalmi percanten ka pengeresa, tapi sabada kénging wahyu pangeresa disangki gélo. Naha henteu handeueul pangeresa tos percanten ka AnjeunNa?

Muhammad panutan abdi, sarébu lima ratus taun parantos ngalangkung, naha aya cara sanés kanggo mikawanoh paraosan galura qolbu nalika angkat hijrah? Atik abdi, ya Rasul!

Muhammad panutan abdi, wartosan abdi ka mana abdi kedah hijrah? Sareng kanggo naon?

Padepokan Pakujajar, 1 Muharam 1435 H
Ki H Ihwan Natapradja


No comments:

Post a Comment