Friday, 23 August 2013

Tausyiah Jumaáh:

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Puji syukur urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan, nikmat iman sinareng Islam. Dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan séhat wal’afiat dugi ka tiasa ngalaksanakeun kawajiban ibadah.
Sholawat sinareng salam mugia tetep ngocor kajungjunan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet ogé urang sadayana.

Dina kasempetan ieu sim kuring masihan wasiat khususna kanggo pribados sareng ka baraya sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala paréntahna sareng nebihan tina sagala laranganna supados kénging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa téh kalayan makhluk anu panghadéna di dunya ieu, jeung dibéré akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh ogé janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaéta ibadah. Dawuhan Alloh SWT dina surat Adz-dzariat ayat 56 :
“Jeung Kami (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa taya lian pikeun maranéhna kajaba nyembah ka Kami.”

Nyembah dina harti anu jembar nyaéta sagala rupa wujud pangabdian atawa ibadah nu hadé dumasar kana paréntah Allah jeung sakumaha Rasulullah parantos nyontokeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablu minalloh) atanapi ibadah ka sasama manusa (hablu minannas). Sajabi ti éta, manusa téh kudu bisa ngarumat jeung ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh diciptakeun di dunya ieu pikeun kasajahteraan hirup manusa sabab nu kitu téh masih kénéh kaasup kana ibadah.

Baraya Rohimakumullah!
Urang sadayana yakin yén sagala urusan dunya nu disinghareupan ti baheula nepi ayeuna, sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya béakna jeung tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawéan jeung pangabutuh téh bakal datang. Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngungkulan sagala rupa perkara. Sabab lamun urang teu bisa ngatur jeung ngawatesan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana leungiteun kabagjaan hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoé.

Alloh Maha Adil nyiptakeun kabéh mahluk téh aya papasanganana, upamana langit jeung bumi, daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awéwé leuwih tina hal éta jasmani jeung rohani. Patali tina sakitu lobana ciptaaan nu hadé, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur sanajan sawaréhna aya patalina jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya bisa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani téa. Kasaimbangan dina sawangan Islam téh nyaéta mangrupa anasir nu penting, malahan jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur Muslim. Sakumaha parantos ditétélakeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201:
“Jeung di antara maranéhna aya jalma anu ngado’a: ‘Nun gusti, pasihan jisim abdi kasaéan di dunya sareng kasaéan di akhérat sareng piara diri sim abdi tina siksa seuneu naraka’”.

Leuwih jéntré deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir:
“Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akhérat téh lain jalma hadé, kitu deui jalma nu ninggalkeun urusan akhérat ngan saukur pikeun dunya kajaba lamun manéhna meunangkeun dunya jeung akhérat babarengan sabab dunya téh jalan keur ka akhérat jeung urang téh ulah jadi beungbeurat keur batur”.

Baraya Rohimakumullah!
,Tina ayat Qur’an jeung hadits di luhur meunang kacindekan kieu:
Urang sadayana ditungtut kudu bisa nyaimbangkeun antara kapentingan lahiriyah duniawiyah jeung kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi ka beurat sabeulah komo lamun mentingkeun salah sahijina. Duanana kudu saimbang, sajalan, sauyunan jeung saarah. Sakumaha conto saimbang jeung saarahna rél karéta api teu bisa jangkung sabeulah, sabab bisa ngakibatkeun karéta api nyangéyéng malahan bisa tiguling.
Dunya téh ngarupakeun cukang keur ngajugjug akhérat. Dunya ieu lain tujuan sabab fana anu sawaktu-waktu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur jeung musna ka asup manusa nu bakal balik nyinghareupan ka anu nyiptakeunana nyaéta Alloh SWT.

Baraya Rohimakumulloh!
Sakieu tusyiah nu tiasa didugikeun dina danget ieu, mugia aya manfaat khususna kanggo sim kuring atuh jembarna baraya Muslimin. Mugia Alloh SWT maparin kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan urang sadayana supados tiasa ngajalankeun paréntahNa sareng ngajauhan sagala laranganNa nu akhirna Gusti Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal ‘alamin.


Sydney, 23 Agustus, 2013
Ki. Dr. H. Ihwan Natapradja, 

No comments:

Post a Comment