Sunday, 21 July 2013

CIRI- CIRINA JALMA MUNAPÉK (1-3)


CIR-ICIRINA JALMA MUNAPÉK (1)

Bohong
Hadith Rasulullah nu diriwayatkeun Imam Ahmad Musnad kalawan dengan Jayid: "Cilaka keur manéhna, Cilaka keur manéhna, Cilaka keur manéhna cilaka keur manelaka baginya. Nyaéta jalma anu ngabohong supaya jalma jalma seuseurian”. Dina kitab Shahihain (Shahih Bukhari & Muslim), Rasulullah SAW ngadawuh: "Tanda jalma munapék aya tilu, salah sahijina nyaéta bohong”.

Khianat
Dawuhan Rasulullah SAW: "Jeung lamun jagnji, manéhna sok khianat." Sing saha anu geus jangji ka hiji jalma, atawa ka pamajikanna, anakna, sobatna, atawa ka ka jalma séjén tapi sok babari ngakhianat jangji kasebut tanpa aya sabab jeung uzur syar'i mangkana geung léngkét dina dirina salah sahiji kamunapékan.

Fujur Dina Papaséaan
Dawuhan Rasulullah SAW: "Jeung lamun papaséan (bertikai), sok ngeleuwihan wates."

Ingkar Janji
Dawuhan Rasulullah SAW: "Tanda jalma munapék aya tilu: lamun ngomong manéhna sok bohong, lamun jangji sok ingkar, jeung lamun dibéré amanah sok khianat.” (HR. Bukhari Muslim)

Males Ibadah
Firman Allah SWT: "Jeung lamun maranéhanana nangtung keur sholat, maranéhanana sok talangké (males)." (An-Nisa': 142) . Lamun jamlma munapék indit ka masjid atawa mushala, manéhna sok nyényéréd sukuna siga nu dibeubeuratan ku ranté. Kusabab kitu, lamun geus nepi ka masjid atawa mushala manéhna sok milih diuk di shaf anu pang tukangna. Manéhana moal nyaho naon anu dibaca imam nalika sholat, komo deui keur nengetan jeung ngimeutanana.

Riya
Di hareupan manusa manéhna sholat kalawan khusyu tapi lamun keur nyorangan sholatna sok gagancangan. Lamun babarengan dina hiji majelis, manéhna katinggalina zuhud tur hadé akhlak, kitu deui omonganana. Tapi, lamun keur nyorangan manéhna sok ngalanggar anu diharamkeun ku Allah SWT.


CIRI CIRINA JALMA MUNAPÉK (2)

Saeutik Dina Dzikir
Firman Allah SWT: "Jeung lamun maranéhna nangtung keur sholat, manéhna nangtung bari talamngké. Maranéhna boga maksud riya' ( dina sholat) di hareupeun manusa. Jeung maranéhanana nyebut Allah SWT kacida saeutikna." (An-Nisa': 142) .

Sholatna Rusuh
Maranéhna ( jalma jalma nu munapék) nyaéta jalma anu sholatna rusu, henteu khusyu saeutik ogé. Teu tingtrim dina ngagawékeunana, jeung saeutik pisan dina élingna ka Allah swt. Pikiran jeung qolbuna henteu ngahidi. Jeung teu pernah ngahadirkeun kaagungan Allah SWT dina sholatna. Hadith Nabi SAW: " Tah nu kitu sholatna jalma munapék, ... tuluy gagancangan opat rakaat (sholatna)".

Ngahina Jalma-jalma nu Taat tur Soléh
Maranéhanana sok ngageuhgeuykeun jalma-jalma anu taat ku omongan atawa babasan anu ngandung hinaaan atawa éjékan. Kusabab kitu, dina saban majelis kumpulan mindeng urang manggihan jalma munapék ngan nyawalakeun paripolah jalma anu soléh jeung jalma anu istiqomah kana Al-Quran jeung As-Sunnah. Keur maranéhanana saolaholah euweuh deui nu leuwih penting ti batan ngageuhgeuykeun jalma-jalma anu taat ka Allah SWT.

Ngaheureuykeun Al-Quran, As-Sunnah, Jeng Rasulullah SAW
Kaasup dina kategori Istihzaa' (ngaheureuykeun) nyaeta ngageuhgeuykeun hal-hal anu disunnahkeun Rasulullah SAW jeung amalan-amalan lianna. Jalma nu sok ngaheureuykeun kalawan dihaja hal-hal siga kitu, sarua jeung Kafir. Firman Allah SWT: " Jeung lamun anjeun tatangga ka maranéhanana (ngeunaan naon anu dipolah ku maranéhanana téa), pasti maéhna ngajawab, "Sabenerna kami ngan gogonjakan jeung heureuy wungkul." Béjakeun: "Nuha ku alatan Allah, ayat-ayat-Na jeung Rasul-Na anjeun sok gogonjakan? Manéh teu kudu ménta dihampura, sabab manéh geus jadi kafir sabada iman. Lamun Kami ngahampira sagolongan anjeun (lantaran manVhna taubat), tinangtu Kami bakal nga-azab golongan (séjén) disababkeun maranéhanana jalma-jalama anu sok ngalakukeun dosa. " (At-Taubah: 65-66)

Sumpah Palsu
Firman Allah SWT: "Maranéhanana nyieun sumpah-sumpah matanéhanana saperti taméng ." (Al-Munafiqun: 2 & Al-Mujadilah: 16). Lamun hiji jalma nanyakeun ka jalma munapék ngeunaan sarupa hal, manéhna langsung sok sumpah. Naon anu diucapkeun jalma munapék seolah-olah keur nutupam kabohonganana. Manéhna sok ngomongkeun jeung mitnah batur. Jadi lamun hiji jalma ngagentraan manéhna, manéhna geuwak nyingkir ku alatan sumpahna: "Demi Allah, sabenerna anjeun té jalma anu pang dipikarsepna ku kuring. Demi Allah, sabenerna anjeun teuh sobat kuring. " Kitu sumpahna téh.

Mumul ngaluarkeun infak
Jalma-jalma munapék memang sok malipir dina perkara anu merelukeun pangorbanan, boh mangrupa harta atawa jiwa. Lamun manggihan manéhna méré infak, atawa sedekah, jeung ngadarmakeun hartana, maranéhna ngalakukeun kusabab riya' jeung sum'ah. Maranéhna mumul kana sedekah,sabab dina hakékatna, maranéhna teu hayang ngorbankeun hartana, komo deui jiwana.

Teu paduli kana Nasib Sasama Kaum Muslimin
Maranéhanana sok nyieun kalemahan-kalemahan dina barisan muslimin. Ieu nu ku urang disebut At Takhdzil, nyaéta sikep ngaréméhkeun, nyingsieunan, jeung teu paduli kana kaayaan kaum muslimin. Jalma munapék percaya yén jalma-jalam kafir leuwih kuat tibatan kaum muslimin.


CIRI CIRINA JALMA MUNAPÉK (3)

Resep nyebarkeun Béja Bohong, resep ngagegedékeun hiji kajadian.
Lamun aya anu kacalétot lisanna bari teu dihaja, terus datang Si Munapék jeung ngagegedékeun dina riungan-riungan. "Naha anjeun can ngadéngé nu dilakukeun ku Si Anu?" Terus, manéhna sok niron kasalahan kasebut. Padahal, manéhna sorangan nyaho yén jalma éta téh loba kahadéanana, tapi Si Munapék tara ngabuka kahadéanana di hareupeun umum.

Ingkar jeung teu Ridha tina Takdir Allah SWT.
Kusabab kitu, lamun katibanan musibah, manéhna sok ngomong: " Kumaha ieu téh. Saupaman kuring ngagawékeunn kieu, pasti moal nyorang nu kieu." Manéhna sok ngangluh ka sasama manusa. Bener-bener manéhna geus kufur jeung ingkar tina Qadha jeung Takdir.

Ngahina Kahormatan Jalma Jalma Soléh
Lamun jalma munapék nonggongan jalma-jalma soléh, manéhna bakal ngahina, ngagogoréng, ngomongkeun, jeung ngajejeléh kahormatan maranéhanana dina riungan paguyuban-paguyuban pertemuan. Firman Allah SWT: "Maranéhanana ngécé anjeun ku létah anu seukeut, sedengkeun maranéhanana bakhil dina molah kahadéan." (Al-Ahzab: 19)

Sok Mindeng Ninggalkeun Sholat Jamaah
Lamun hiji jalma seber-buger, kuat, boga waktu jeung henteu uzur say'i, tapi mumul indit ka masjid/mushola lamun ngadéngé azan, mangkana saksikeun manéhna subagé jalma munapék.

Sok ngaruksak Di Dunya.
Firman Allah SWT: "Jeung lamun diomongan ka manéhna: kadé manéh ulah ngaruksak di dunya (di muka bumi), meanHna nganjawab: 'Sabenerna kami jalma-jalma nu ngayakeun kahadéan.' Inget, satemenna manéhna jalma nu ngaruksak, tapi mannéhna teu sadar." (Al-Baqarah: 11-12).

Tara saluyu antara Lahir jeung Batin
Maméhna menerkeun yén Nabi Muhammad SAW téh Rasul Allah, tapi di jero haténa, Allah geus ngaapilainkeun kasaksian maranéhanana. Sabenerna kasaksian anu katingalina beber sacara Lahir éta anu jadi sabab maranéhanana asup ka Neraka. Pidangan lahirna hadé jeung matak narik, tapi di jero batinna nyumput niat goréng jeung hayang ngancurkeun. Di luarmah katinggalina kacida khusyuna, sedengkeun di jero haténa mah ngaheureuykeun.

Sieun jauneg risi kana sagala kajadian
Jiwana henteu tingtrim (tenang), kahayangna miharep kahirupan anu tingtrim jeung damey tanpa diririweuh ku pasualan-pasualan hirup naon baé. Manéhna sok miharep: "Tong miroséa jeung antep kami dina kaayaan ieui, sugan baé Allah maparin nikmat ieu ka kami. Kami yeu hayang kaayaan ieu obah ." Padahal, keayaanana moal kangger pamohalan leuwih hadé mah. 

Ngaku ruzur ku alatan Bohong
Firman Allah SWT: "Di antara maranéhanana aya jalma nu ngomong: 'Ijinkeun kula (teu indit kapangperangan) jeung kadémanéh ulah ngagebruskeun kula kana fitnah.' Pikanyaho yén maranéhanana geus tigebrus kana fitnah. Jeung satemenna Naraka Jahanam téh benre-bener ngungker jalma-jalma anu ." (At-Taubah: 49)

Nitah Mungkar Nyaram Makruf
Maranéhanana (jalma munapék) mikahayang supaya pagawéan jahat nyebar di kalangan jalma-jalma iman. Maranéhanana ngagembar-gemborkeun ngeunaan kamardikaan wanoja, kasaruaan hak, pananggalan hijab/jilbab. Maranéhanana ogé usaha ngailaharkeun majalah-majalah porno (semi-porno) jeung narkoba.

Bakhil dina masalah-masalah kahadéan
Maranéhanana nahan leungeunna embung sedekah atau infak tina sabagéan harta maranéhanana keur kahadéan, padahal maranéhanana jalma mampuh.

Poho ka Allah SWT.
Kusabab kitu, maranéhanana inget ka kadang kulawargana, anak-anakna, kana kahayangna jeung sagala rupa kadunawian. Dina pikiran jeung batinna mah teu pernah inget (dzikir) ka Allah SWT, kajaba subagé tipu daya ka sasama wungkul.

Ngabohongkeum Janji Allah SWT jeung Rasul-Na
Firman Allah SWT: "Jeung (sing inget) nalika jalma-jalma munapék jeung jalma-jalmanu boga panyawat dina haténa ngomong: 'Allah jeung Rasul-Na teu ngajangakikeun ka kami kajaba ti tipu daya." (Al-Ahzab: 12).

Leuwih ngimeutan Lahir tinimbang Batin
Jalma munapék leuwih ngutamakeun lahir jeung ngaapilainkeun batin, tara migawén sholat, teu ngarasa disawang ku Allah SWT, jeung tara dzikir. Dina lahirna, baju maranéhanana kacida alusna, tapi batinna mah kosong, ruksak jeung sajabana.

Sombong Dina Omongan
Jalma-jalma munapék sok sombong jeung angkuh dina gunem catur. Manéhanana loba omong jeung sok ngafasih-fasihkeun ucapan. Saban ngomong sok dimimitian ku babasan anu matak narik nu ngayakinkeun supaya katinggalina ku jalma siga jalma hébat, mulya, bog wawasan nu jembar, ngarti, boga akal, jeung pinter. Padahal, dina haéikatna mah manéhanana teu boga kamampuhan nanaon alias bodo.

Teu paham kana masalah agama
"Keistimewaan" jalma-jalma munapék nyaéta: mearanéhanana sama sakali teu paham kana perkara agama. Manehna bisa nyetiran mobil tapi teu ngarti kana mesinna. Manéhna oge nyaho kana hal-hal réméh jeung pangaweruh anu teu aya mangpa’at ka manéhna sanajan teu ngadatangkeun mudharat ka manéhna. Tapi lamun diajak sawala ngeunaan agama Islam, sama sakali teu bisa nanaon.

Nyumput ti manusa jeung Nangtang ka Allah
Jalma munapék nganggap hampang kana perkara-perkara anu ngalawan hukum Allah SWT, nangtang ka Allah swt. Ku ngalakukeun rupa-ru[a kamungkaran jeung kamaksiatanbari rerencepan. Tapi, malika manéhna aya di tengah-tengah manusa manéhna ninggalikeun kahadéanana; pura-pura taat. Firman Allah SWT: "Mánéhanana nyumput ti manusia, tapi manéhna teu bisa nyumput ti Allah, padahal Allah marengan maranéhanana, nalika dina hiji peuting maranéhanana."

Resep ninggali batur Susah, Susah ninggali batur Senang
Jalma munapék lamun ngadéngé béja yén aya ulama anu soléh katibanan musibah, manéhna sok ngabéwarakeun béja ieu ka masyarakat bari ninggalikeum kasedihanna bari ngucap: " Ngan Allah wungku; tempat ménta tulung. Kami geus ngadéngé yén Si Anu geus katibanan musibah. Pamuga Allah maparin kasabaran kami jeung anjeunna." Padahal, di jero haténamah ngarasa senang jeung asa kahibur ku musibah éta.

(Ki H. Ihwan Natapradja, Sydney, 21 Juli, 2013).




No comments:

Post a Comment