Saturday 21 September 2013

TUJUH KABAGJAAN

Dina enggoning ngahontal kabagjaan, aya tujuh paripolah nu kudu diimeutan, nyaéta: 

1). QOLBUN SYAKIRUN, atawa atua nu salilana syukuran, hartina salawasna narima kana sagama kaayaan (qona'ah), antukna teu boga ambisi nu kaleuleuwihi, moal ngarasa styrass, tah ieu téh hiji kanikmatan haté nu salawasna syukuran.

2). AL-AZWAJU SHALIHAH, nyaéta boga papasangan hirup anu sholéh bakal ngawujudkeun kaayaan imah jeung kulawarga anu sholéh.




3). AL-AULADUL ABRAR, nyaéta boga anak anu sholéh, sabab doá abak anu sholéh ka kolotna (ka indung bapana) dijamin diijabah ku Allah swt, numatak kudu ngaraksa bagja jalma anu boga anak nu shéleh/sholéha.

4). AL-BIATU SHOLIHAH, nyaéta wewengkon anu ngajurung kana iman urang. Rasulullah saw nganjurkeun supaya urang bisa campur-gaul jeung jalma nu sholéh anu salawasna ngajak kana kahadéan jeung ngélingan lamun urang nincak jalan anu salah.

5). AL-MALUL HALAL, atawa harta anu halal. Lain ku lobana harta tapi halalna harta nu dipiboga. Harta nu halal bakal ngajauhkeun sétan tina haté. Haté jadi beresih, suci jeung kuat antukna bisa méré katigtriman. Numatak bagja pisan jalma anu taliti dina milh jeung milah hartana.

6). TAFAKUH FID-DIEN, atawa sumanget dina enggoning ngimeutan agama. Ku diajar kana élma agama, bakal beuki asih tur cinta ka Allah swt sarta rasulNa. Rasa cinta ieu nu méré kabagkaan keur haténa.

7). UMUR NU BAROKAH. Harina umur nu beuki kolot tapi akhlak beuki sholéh, saban saat dieusi ku amal ibadah, beukikolot beuki sono keur pangih jeung Sang Khalik. Tah ieu sumanget hirup jalma nu narokah umurna.
Pamuga urang jadi umat nu pinuh ku kabagjaan..

Sydney, 21 September 2013.
Ki Dr. H Ihwan Natapradja.

No comments:

Post a Comment