Wednesday 25 September 2013

SILOKA DINA KAHIRUPAN DI ALAM DUNYA


Dawuhan Allah : Pikanyaho, yén satemenna kahirupan di dunya ieu ngan wungkul pikaheureuyeun jeung perkara nu matak jadi talangké, hiasan anu reunceum jeung jadi kareueus di antara maranéh ku lobana harta jeung anak, siga hujan anu tutuwuhanana matak hélok ka pangebon, tuluy éta tutuwuhan téh jadi garing jeung kasawang ku anjeun rupana jadi konéng tuluy paéh, Jeung di akhérat (engké) aya azab nu tohaga jeung pangampura ti Alla kalayan karidhoanaNa. Jeung kahirupan dunya ieu taya lian ngan kasenangan anu nipu. (Q.S. Al Hadid, 57:20)

Ayat di luhur ngébréhkeun kumaha Allah SWT ngagambarkeun kaayaan kahirupan di dunya ku ayana siloka (perumpamaan), 
Digambarkeun yén yén satemenna kahirupan di dunya ieu ngan wungkul pikaheureuyeun jeung perkara nu matak jadi talangké, hiasan anu reunceum jeung jadi kareueus di antara maranéh ku lobana harta jeung anak, tah éta cicirén kahirupan di dunya.

Karuhun Sunda ngagambarkeun kahirupan dunya ku hiji guguritan anu pinuh pu papatah, diwangunan macapat, dilagukeun anu mere peupeujeuh, misalna ka pangantén anyar dina acara sawér, contona:


Eling-éling mangka éling, 
Rumingkang di bumi alam,
Dharma wawayangan baé,
Raga taya pangwasa, 
Ana kasasar nya lampah,
Napsu nu matak kaduhung,
Badan anu katempuhan. 

Dina Dawuhan Allah di luhur ngébréhkeun yén kahirupan di dunya ngan ukur heureuy, sedengkeun dina guguritan karya luluhur urang ogé ngébréhkeun kieu: “Rumingkang di bumi alam, dharma wawayangan baé. Hirupngan ukur nyandéwara! Ku ayana kasaruaan papatah kasebut mangkana aya kasaruaan dina nepikeun peupeujeuh tumali jeung kahirupan di dunya.
Bisa jadi ayana kasaruaan peupeujeuh ieu ngarupakeun tapsiran ayat-ayat Allah ku para bujangga Sunda ku “gaya bahasana” sorangan. Hal ieu lain hal anu teu mustahil. Ngan dina cara nepikeunana dilaksanakeun ku hiji cara budaya, upamana dina upacara “sawér pengantén’ tah di dieu Ki Sunda hayang mageuhan “jati diri” Sunda ku kareureus kana budaya Sunda. Sedengkeun tujuanana mah nyaéta saluyu jeung anu dimasud ku Allah SWT.
Cag.

Sydney, 26 September, 2013.
Ki H. Dr. Ihwan Natapradja.

No comments:

Post a Comment